OTOBIOGRAFI
Nami lengkep abdi Asya Majdiyyah atanapi sok disebat aca,asya,asa, aya oge asyong ( Seueur panggilanna nya ??? :D ).Abdi lahir di Ciamis,24 Juli 1997 nu tepatna di dusun Susuru 09/06,Desa Indragiri,Kecamatan Panawangan,Kabupaten Ciamis.Nami Ibu nyaeta Nanih Suningsih Sareung ayah namina Mulyadi Feri A.Ayeuna abdi sakola di SMAN 1 PANAWANGAN kelas XI IPS 3, ( naha teu IPA nya??? alasanna teu reuseup kimia :D ).
Sateuacana nincak ka sakola SMA ieu,abdi kungsi sakola di TK Miftahussa'adah,SDN 1 Indragiri,sareung MTS Panawangan Alhamdulillah dugi ka SMA nu ayeuna tempat abdi diajar.Kahoyong abdimah sakola teh teu kungsi ngan dugi kadieu (SMA).Abdi gaduh panghareupan tiyasa neraskeun sakola ka jenjang nu langkung luhur.Harepan abdi nyaeta diteraskeun ka UPI BANDUNG,IngsyaAllah...AAMIIN.:') ( jurusan mah tacan tangtos euumm,Tapi ingsyaallah tiayeuna nuju digali jurusan naon nu bade dicandak ).
Cita-cita abdi saleresna teh hoyong jadi Guru,Motivator,atanapi penulis,Nu maksud ngajak atanapi masihan piwuruk sangkan batur ( khususna nu gaduh pangharepan alit atanapi putus harepan ) langsung semangat sareung kadorong kana ngajalankeun hal-hal nu bermanfaat kangge anjeuna,agama,nusa sareung bangsana .Nya sateuacana kitu tangtu bae kedah di mimitian ku abdi nyarira ti mimiti ayeuna .Mudah-mudahan Allah ngaridhoan sareung ngabulkeun cita-cita abdi khususna,umumna cita-cita rekan sadaya...AAMIIN.

Amiiinnn..
BalasHapus